Samemeh ngadongeng urang kudu maham kana caritana. Naon sababna?
B. Daerah
salsabiya
Pertanyaan
Samemeh ngadongeng urang kudu maham kana caritana. Naon sababna?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Dina ngadongeng, samemehna urang kudu maham kana jalan carita anu aya dina hiji dongeng, sabab ari ngadongeng mah beda jeung maca dongeng. Dina maca dongeng, anu kudu dilakukeun nyaeta ngan saukur maca carita dongeng anu ditulis, sacara jelas jeung merenah wungkul.
Sanajan dina maca dongeng oge aya alusna urang maham kana jalan carita anu aya dina dongeng, tapi dina maca dongeng mah sanajan urang henteu maham oge kana jalan caritana, maca dongeng mah masih tetep bisa dilakukeun.
Sedengkeun dina ngadongeng, umpama urang teu maham kana jalan caritana, tangtu dina ngadongengna moal lancar sarta moal alus, sabab ari ngadongeng mah biasana tara bari dibaca, tapi ngan saukur maca catetan-catetan anu pentingna wungkul. Lamun anu ngadongeng wae henteu paham kana jalan caritana, komo deui atuh anu ngaregepkeun eta dongeng.