B. Daerah

Pertanyaan

arti paribasa ulah siga ucing jeung anjing

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Paribasa teh mangrupa salahsahiji rupa pakeman basa. Pakeman basa nyaeta rakitan basa atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta miboga harti anu geus maneuh oge. Kukituna, paribasa teh susunan kekecapannana teu meunang dirobah-robah.

    Paribasa "ulah siga ucing jeung anjing" teh rada kurang tepat, anu leuwih tepat mah nyaeta "siga ucing jeung anjing". Sarua saperti babasan "panjang leungeun", pan tara disebut "ulah panjang leungeun", tapi babasan anu bener mah nyaeta "panjang leungeun".

    Harti paribasa "siga ucing jeung anjing" teh nyaeta dua jelema anu henteu daek akur, sok pasea bae atawa lamun paamprok teh kudu pasea bae. Jadi, harti "ulah siga ucing jeung anjing" teh nyaeta "ulah sok parasea bae".

Pertanyaan Lainnya