B. Daerah

Pertanyaan

jelaskeun sasaruan bedana, babasan jeung paribasa

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
    Kelas : IX (3 SMP)
    Pembahasan :

    Sasaruaan babasan jeung paribasa nyaeta dua-duana sarua mangrupa pakeman basa. Pakeman basa nyaeta susunan kekecapan atawa kalimah anu geus tetep susunana, sarta miboga harti khusus anu geus tetep oge. Anu kaasup kana pakeman basa dina basa Sunda nyaeta saperti babasan, paribasa, gaya basa, pamali, cacandran jeung kila-kila.

    Sedengkeun bedana babasan jeung paribasa mah nyaeta ari babasan mah henteu mangrupa kalimah tapi ngan saukur susunan kekecapan, kekecapan anu aya dina babasan mah biasana pondok, ngan dua atawa tilu kecap, eusi babasan ngagambarkeun sifat jalma, sedengkeun paribasa mah mangrupa kalimah, paribasa biasana miboga kekecapan anu leuwih panjang, nyaeta leuwih ti tilu kecap, eusi paribasa biasana mangrupa piwuruk atawa papatah.

Pertanyaan Lainnya