B. Daerah

Pertanyaan

naon bae perkara anu kudu dipersiapkeun pikeun nyanghareupan biantara

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara

    Kelas : X (1 SMA)

    Pembahasan :

    Supaya bisa nyaho naon bae perkara anu kudu dipersiapkeun pikeun nyanghareupan biantara, aya dua hal anu perlu ditilik, nyaeta unsur-unsur biantara jeung bagian-bagian bintara. Unsur-unusr nu aya dina biantara nyaeta nu nepikeun biantara, materi/bahan biantara, anu ngaregepkeun biantara, jeung tema biantara.

    Sedengkeun bagian-bagian nu aya dina biantara nyaeta bagian salam bubuka, kalimah pangbagea, kalimah bubuka, kalimah eusi, kalimah panutup jeung salam panutup. Sanggeus nyaho unusr-unsur jeung bagian nu aya dina hiji biantara, tangtu jadi bisa nyaho Naon bae perkara anu kudu dipersiapkeun pikeun nyanghareupan biantara.

    Di handap ieu nyaeta perkara anu kudu dipersiapkeun pikeun nyanghareupan biantara :

    1. Tentukeun tema biantara

    2. Pikawanoh saha wae anu rek ngaregepkeun eta biantara supaya bisa kabayang naon anu rek ditepikeun

    3. Pikawanaoh kumaha hubunganana antara anu nepikeun biantara jeung anu ngaregepkeunana

    4. Pikeun nyusun bahan atawa materi biantara, siapkeun rangka bagian-bagian nu aya dina biantara dumasar kana bagian-bagian nu biasa aya dina hiji biantara nyaeta salam bubuka, pangbagea, bubuka, eusi, panutup, salam panutup.

    Dina nyusun naskah biantara anu merenah aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun sangkan eusi biantara bisa ditepikeun sacara merenah, nyaeta nu aya patalina jeung pilihan kekecapan anu merenah anu disaluyukeun jeung saha anu ngaregepkeun biantara, bentesna sora atawa lafal, luhur handapna sora, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.

    Kata Kunci : Biantara, unsur-unsur biantara, bagian-bagian biantara

Pertanyaan Lainnya