Contoh biantara basa sunda tentang ibu
B. Daerah
divian
Pertanyaan
Contoh biantara basa sunda tentang ibu
1 Jawaban
-
1. Jawaban Salsamel
Urang salaku umat muslim, diwajibkeun hormat kanu janten ibu sareng rama. Margi aya paribasa ibu nu ngandung bapa nu ngayuga, nu hartosna salami salapan sasih ibu ngandung urang dugi ka gubrag ka alam dunya, kumargi kitu urang wajib pisan ngahormat kanu jadi ibu. Tuhu kana piwaranganana, mikanyaah, sareng mikacinta ka anjeuna. Kitu deui kanu janten bapa urang kedah ngahormat, tur mikanyaah, margi bapa teh anu ngayuga jeung ngajaga.
Ibu rama urang sama sakali teu ngarepkeun balas jasa pedah tos ngurus, nyakolakeun, sareng sagala ka peryogian urang. Ku margi kitu urang wajib marhatoskeun kanu jadi indung jeung bapa ku babantu di bumi, saperti sasapu, ngepel, keur ngaringankeun padamelan jadi ibu. Tiap tos netepan teu hilap ngadoakeun kanu jadi sepuh sing sarehat, dibabarikeun milik sareng rejekina. Pamugi Gusti Allah tiasa ngabales kana sagala kasaean ibu rama abdi.
Mung sakitu nu kapihatur hapunteun bilih aya kecap anu teu merenah komo deui basa nu teu kahartos sim kuring nyungkeun dihapunteun.
Wassalammualaikum wr.wb