B. Daerah

Pertanyaan

naon harti biografi jeung autobiografi dina basa sunda

1 Jawaban

  • Biografi nyaeta tulisan anu eusina nyaritakeun atawa ngajelaskeun kahirupan hiji jalma atawa tokoh sacara lengkep. Biografi ditulisna teh ku jalma sejen, atawa biografi henteu ditulis ku jalma atawa tokoh nu aya dina hiji biografi. Sedengkeun autobiografi nyaeta biografi anu ditulisna ku jalma atawa tokoh anu dicaritakeun dina eta biografi. Biografi atawa autobiografi ditulis boh dina basa Sunda boh dina basa lianna.  

    Pembahasan

    Eusi biografi atawa autobiografi henteu ngan saukur manggrupa data ngeunaan tanggal lahir, tanggal maot, pendidikan atawa pagawean hiji jalma atawa tokoh wungkul, tapi biografi atawa autobiografi oge eusina nyaritakeun unggal kajadian penting anu dialaman ku eta jalma atawa tokoh, sarta rarasaan anu kaalaman ku eta tokoh dina unggal kajadian penting nu aya.

    Biografi jeung autobiografi, miboga kagunaan anu sarua. Manfaat biografi atawa autobiografi antara lain nyaeta mangrupakeun dokumen, catetan penting atawa referensi pikeun tokoh anu aya dina eta biografi atawa autobiografi. Sedengkeun pikeun anu maca atawa jalma sejen, biografi atawa autobiografi bisa dijadikeun referensi umpama aya kaperluan pikeun ngawanohan eta jalma atawa tokoh, saperti pikeun dijadikeun conto atawa teladan, jeung sajabana.

    Hiji biografi atawa autobiografi miboga struktur nyaeta orientasi, kajadian atawa masalah, sarta reorientasi. Sedengkeun unsur unsur anu biasana aya dina hiji biografi atawa autobiografi nyaeta Ngaran atawa lalandiannana (tokoh), Kalahiran jeung asal-usul kulawargana, Bentuk fisik jeung pasipatanana, Riwayat pendidikan jeung pagaweanana, Pikiran atawa gagasanana, Karya atawa hasil gawena, sarta Prestasi jeung pangajen (penghargaan) anu kungsi katarima.

    Pelajari lebih lanjut

    • Tujuan Biografi brainly.co.id/tugas/783599
    • Bedana biografi jeung otobiografi brainly.co.id/tugas/1698506
    • Strukktur teks biografi dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/7167637

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : X

    Mapel : Bahasa Sunda - Biografi

    Bab : 3

    Kode : 10.13.3

    Kata Kunci : Biografi, autobiografi, basa Sunda

Pertanyaan Lainnya