B. Daerah

Pertanyaan

Mugia kauntun tipung katambang beas

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Kekecapann "mugia kauntun tipung katambang beas" teh mangrupa bagean tina kekecapan anu mangrupa mamanis basa, Kekecapan salengkepna tina eta mamanis basa nyaeta "mugia kauntun tipung katambang beas, mugia pareng laksana". Eta mamanis basa teh biasa diucapkeun dina biantara atawa pidato.

    Kekecapan "mugia kauntun tipung katambang beas" teh sabenerna mangrupa cangkang atawa sampiran tina eta mamanis basa. Sedengkeun anu mangrupa eusi tina eta mamanis basa teh nyaeta "mugia pareng laksana". Umpama ditilik-tilik, eta mamanis basa teh sabenerna mangrupa sisindiran.

    Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada rarakitan aya opat padalisan. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean sampiran atawa cangkang jeung bagean eusi.

    Dina wawangsalan padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Eta ungkara teh bisa diwangun jadi wawangsalan nyaeta saperti :

    Kauntun tipung katambang beas
    Mugia pareng laksana (wangsalna laksa)

    Tapi, umpama nilik kana jumlah engang sisindiran di luhur, dina padalisan kahiji aya sapuluh engang, padahal biasana jumlah engang dina unggal padalisan sisindiran aya dalapan. Kukituna, kekecapan wawangsalan di luhur bisa disaluyukeun jeung aturan sisindiran, anu biasana miboga dalapan engang dina unggal padalisan, nyaeta saperti di handap ieu :

    Untun tipung tambang beas
    mugia pareng laksana (wangsalna laksa)

Pertanyaan Lainnya